Ade Astrid & Gerengseng Team - Dua Rasa | Zona Nyanyi Indonesia

Lirik Lagu Ade Astrid & Gerengseng Team - Dua Rasa


Ibarat dahan nu potong
Hese kanyambungna deui
Anjeun nu ngaraheutan hate
Ninggalkeun tapak kapeurih
Tapak kapeurih

Geuning anjeun datang deui
Mawa asih nu tos bari
Anjeun ngucap sarebu hampura
Bari burubut cisoca
Kuring teu bisa nyarita

Da kapeurih masih karasa nurih
Oge kacinta ka salira masih aya
Kuring kasiksa ku dua rasa nu beda
Kudu kumaha kudu kumaha

Disambung deui da puguh nyeri
Dileupas pegat da puguh beurat
Duh kuring kasiksa
Kitu kumaha kieu kumaha

Lalakon cinta nu karandapan
Naha bet rudet kana pikiran
Duh kuring kasiksa
Kudu kumaha kudu kumaha





Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel