Azmy Z - Sahur | Zona Nyanyi Indonesia

Lirik Lagu Azmy Z - Sahur


Bapa ibu ayeuna tos tabuh tilu
Gera gugah gera hurungkeun lampu
Gera masak sangu, gugahkeun anak incu
Najan pasti masih lulungu

Abi jeung barudak kukurilingan
Bébélaan leumpang jeung katirisan
Hampura ngagandéngan
Gerbang ditakolan
Daripada Bapa Ibu kabangblasan

Énggal gera gera masak
Anu can ibak gancangan gera ibak
Bisi kaburu... kaburu imsak

Reff :
Saur saur.. saur saur.. saur saur..
Hayu urang saur

Aa tétéh nu teu gaduh pasangan
Anu saurna tuang sorangan
Sugan engké lebaran
Pas keur sasalaman
Meunang jodo anu jadi harepan

Abi jeung barudak kukurilingan
Bébélaan leumpang jeung katirisan
Hampura ngagandéngan
Gerbang ditakolan
Daripada Bapa Ibu kabangblasan

Énggal gera gera masak
Anu can ibak gancangan gera ibak
Bisi kaburu... kaburu imsak

Reff :
Saur saur.. saur saur.. saur saur..
Hayu urang saur

Cipt : Surabi Gelo Artist : Azmy Z Arr : Adry Wg Record : Dalung

Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel