Nining Meida - Nyampak | Zona Nyanyi Indonesia

Lirik Lagu Nining Meida - Nyampak

teuing dimana teuing iraha
asup na rasa kana jero dada
ujug-ujug nyampak bari nyiksa
kaedanan ku bebeakan

mungkir teu bisa hate rumasa
boga kacinta gede kabina-bina
pikir manteng ukur kadidinya
teu iraha henteu dimana

lamun tibeurang pikiran kumalayang
aya kamelang aya rasa hariwang aduh aduh aduh
peuting mun sare ngan kaimpikeun wae
taya lian ngan ukur didinya

sami-sami urang pada boga rasa
sami-sami ngarasa kasiksa
sami-sami sieun rek wakca balaka
nya kumaha kumaha atuh kumaha


Judul : Nyampak
Artis : Nining Meida
Cipt : Doel Sumbang
Aransemen: Doel Sumbang
Label: HP Music
Publisher: PT. Harmoni Digital Publisherindo


Iklan Atas Artikel

Iklan Tengah Artikel 1

Iklan Tengah Artikel 2

Iklan Bawah Artikel